21 Nov 2007

Hima_persisPAMILIHAN KETUA PW HIMA PERSIS JABAR




Waktos sonten tadi dilaksanakeun pamilihan Ketua PW Hima Persis Jawa Barat.
Aya tilu calonna, Sim kuring kalebet salah sahijina.
tos kabayang dina mastaka... ageungna amanah anu bakal di wengku.
kumaha kuliah ???
Kumaha mimpin PJM Hima Persis Bandung Raya? apan can rengse!
Kumaha ngawulang di MDA???
Kumaha FLP Bandung Utara???
Kumaha English Forum Indonesia??? jeung
Kumaha Kopma BS UPI???
lamun kuring kapeto janten pupuhu PW Hima Persis Jawa Barat...

Tos didugikeun kasebat kasabitna perkawis sim kuring...
Dasar mahasiswa....
Anggeur weh maksa...ceunah mah 'ari sibuk mah...da kami oge sibuk!"

Nya ari geus kitu mah...
Bismillah....
Lamun amanah ieu hade keur kuring pasti Allah bakal maparinan kakuatan keur sim kuring mimpin amanah ieu... tapi amun aya anu langkung siap... mugia allah maparinan amanah ieu ka nu lian ...
Amien..
------------------
---------------------------

Pas pamilihan ... Sadaya anu aya di ruangan marilih pi ketua eun PW Hima Persis Jabar. Sim Kuring....Kang Andri ti UIN Bdg ...Kang Endik ti STAIPI Bdg...

Alhamdulillah...Sim kuring teu ka pilih janten ketua PW Hima Persis Jabar.
Beda Alit sareng kang Andri, Ngan Beda 2 suara....

Byar....Asa ngeunah kana manah..
Asa caang kana tarang...
Asa reugreg ayeuna mah....

Wilujeng Kang Andri....
Mugia lancar mimpin PW Hima Persis Jawa Barat.
Mugia langkung Majeng Hima ka payunna...
Sim kuring insya Allah ngadukung ku daya sareng ipaya nu aya di simkuring.
------
Hery Haldun
Ketua PJM Hima Persis Bandung Raya

No comments:

Post a Comment

Jazakumullah Atas Komentarnya.